Penulis : Abah Yanyan
Hujan girimis tos ngawitan ti enjing-enjing, abah sareng ambu teu bisa kaluar, da biasana abah sareng ambu sok jalan-jalan olah raga joging. Abah calik di ruang tengah bari nonto berita di tv. “Astagfirulloh usum hujan kieu teh loba bencana, banjir di Kalimatan Barat, banjir di Sulawesi, nu terakhir banjir bandang di kota Batu Malang, saur abah ka ambu. Dijawab ku ambu jiga na bumi geus kolot bah jiga urang, ceuk ambu bari seuri. Ceuk abah mah lain kitu, ieu mah akibat perbuatan manusia na, leuweng dibabat teupikeun beak, sasatoan punah ditewakan ku jeulma, nyieun bangunan di gunung-gunung. Jadi alam ayena geus teu saimbang, kudu na cai hujan diserap ku tatangkalan ayena mah langsung palid akibat na jadi longsor jeung banjir, tah kitu ambu ceuk abah mah.
“Bah bade ngopi teu, taros ambu ka abah”. Wah kedah atuh pan tadi tos sarapan jigana raos lamun ngopi, jawab abah. Kopi na nu kamari abah ngagaleh di gerai kopi woodland, saur abah. Nu ieu sanes ” Fine Robusta Gunung Anjung”, taros ambu. Leures eta nu merek na Gunung Anjung produksi Riyan Situ Gede Subang, tembal abah. Teu lami aya, salam “Assaalamualaikum”, abah ngajawab ” Waalaikumussalam”. Eh, Danny kalebeut Dan, saur abah. Damang bah taros Danny. Alhamdullulah sae saur abah. Aya naon Dan, tanya abah. “bade nambut taraje bah, genteng jigana aya nu nyorosot, jadi imah pada bocor, saur Danny. “Ohh, aya taraje mah, ayena mah urang ngopi weh heula, ambu pang ngadamelkeun kopi hiji deui aya Danny yeuh, ceuk abah. Katingali abah sareng Danny ngobrol sarius bari sakali kali nyuruput kopi nu tos disayogikeun ku ambu.
Yeuh Dan, abah mah hariwang ningali perkembangan pembangunan wisata di Cigugur, ti handap teupi ka luhur ayena na mah tos pinuh ku bangunan bangunan wisata, tingali wae ayena Desa Cisantana sareng Puncak, ayena seur pisan objek-objek wisata anu ngadek di dinya. Rumah makan, cafe-cafe, resto, ngajajar di sisi jalan. Potensi alam jiga curug, leuweng, lahan resapan air seur pisan nu tos robah fungsi jadi tempat wisata alam.
Sedangkeun menurut Perda Daerah Nomer 26 Tahun 2011 Tentang Tata Ruang Wilayah Kabupaten Kuningan Tahun 2011-2031, Kecamatan Cigugur terutama Desa Cisantana sareng Desa Puncak kalebeut Kawasan Resapan Air, Kawasan Pelestarian Alam, Kawasan Rawan Tanah Longsor dan Kawasan Rawan Gerakan Tanah. Matak na abah mah hariwang lamun tos usum hujan kieu desa-desa eta paur keuna bencana tanah longsor jeung banjir bandang. Can deui kawasan resapan air nu kirang langkung 4 hektar se’ep ku bangunan jaga pasti na Kecamatan Cigugur jeung sakitar na bakal kakurangan cai. Jadi abah ngahimbau ka Pamarentah Kabupaten Kuningan sareng dinas-dinas terkait khusus na Dinas Pariwisata, Dinas Lingkungan Hidup kudu perketat perijinan bangunan bangunan komersil dikawasan eta. DPRD kudu kuat selaku pengawas kebijan pemerintah kudu bener-bener mantau ijin-ijin bangunan komersil di kawasan eta. Aturan tos dijieun kudu na mah dijalankeun sing kabener.
Iue mah analisa abah, bareto Kuningan tara banjir ayena mah Kuningan kota sok banjir, soalna walungan Cisanggarung lamun hujan gede pasti cai na luber, ieu nu ngakibatkeun banjir. Cai di daerah luhur anu kuduna katahan ku tatangkalan sareng nyerep ka jero taneh ayena mah geus teu bisa, da di luhur na lahan taneh terbuka geus ngirangan di robah ku tembokan jeung gedung-gedung, otomatis cai hujan nu sakitu gede na palit kabeh ka daerah handap abus ka walungan Cisanggarung. Masyarakat Cigugur lamun usum hujan kudu waspada kana lonsor jeung banjir bandang.
Ulah aya banjir atuh bah, ceuk Danny nembalan carita abah. Ayena mah kieu wae Dan “sing saha saha jalma anu daek ngarawat alam pastina moal dibere kasusahan”, urang salaku warga Kuningan kudu daek babarengan ngarawat alam, lamun aya gunung anu gundul cik atuh pelakan ku tatangkalan, lamun aya nu rek ngabangun gedung bisnis dikawasan nu dilarang kudu ditolak lamun kajian teknis na teu bener. Hiji deui Dan ” sing saha saha jalma nu daek ka luar imah tur silaturahmi pasti direjekian ku Gusti Allah, jiga Danny ayeuna datang ka abah pan disuguhan kopi jeung jagong kulup, tah ieu buktina Danny silaturahmi ka abah jadi meunang rejeki.
Hahaha abah jeung Danny seuserian. “Abah abah geuwat ka dieu”, abah disauran ku ambu. Aya naon ambu, tembal abah. Ieu tinggali goreng hayam dipaok ku ucing, ceuk ambu.
“Waduh, tos wios ambu iklaskeun wae berarti eta rejekina ucing soalna ucing mah reusep silaturahmi, hahaha wios antepkeun, lamun ucing maok na paling sapotong hayam, tapi lamun jalma kiwari mah maok na milyaran. Hahahahahahhaha..,” geur deui abah jeung Danny ngakak seuserian.
