Aya béntang luhureun Gunung Ciremai
Ceuk béja, hiji siloka
Nu rumasa
Ngeundeuk-ngeundeuk wadana
Aya béntang luhureun Gunung Ciremai
Mangsana, usum katiga
Bijilna
Wanci sareupna
Aya béntang luhureun Gunung Ciremai
Nu jangkung, ménta direga
Matakna
Teu cangcaya
Aya béntang luhureun Gunung Ciremai
Hiji Siloka
Nu ménta direga
Sangkan cangcaya
Aya béntang luhureun Gunung Ciremai
Nu jangkung kaluhuran
Aya béntang luhureun Gunung Ciremai
Hésé disinglar
Béntang luhureun Ciremai
Kumaha Anjeuna
Penulis : Tedy Ageng Setiady (Desa Cibinuang, Kecamatan Kuningan)
