banner 728x250 banner 728x250
banner 728x250
banner 728x250
banner 728x250
banner 728x250
banner 728x250

Abah Ngopi jeung Wak Dede

Penulis : Abah Yanyan

Abah nuju beberes bumi nyapu ngepel teupikeun kesangan ngoprot bari karasa nyeuri cangkeng na, “jero hate abah anggap weh olah raga”. Salajeng na abah ka balong marab lauk. Di bale-bale tos disayogikeun kopi panas arabaki Java Lingarjati Bayuning produk Pa Oleh, meuni sengit kacida eta kopi. “Bah ieu kopi na”, saur ambu. “Nuhun geulis”, ceuk abah bari seuri. “Uh gombal geus kolot oge meuni eces”, hi..hi..hi..ambu seuri bari ngaleos ka dapur.

banner 728x250

Beres ngopi abah kaluar ulin nepangan wak Dede biasana ari dinten Sabtu mah sok aya dibumi. “Assalamualaikum”, kamana nya geuning sepi kieu. Teu lami aya nu ngajawab “Waalaikumussalam, kadieu bah abdi di pengker”, jawab wak Dede.
Wah..wah keur ngabersihan jeujer nya wak, taros abah. He..he..biasa bah persiapan isukan bade mancing deui. Jeujer nu ieu keur dirarapih bising abah bade mancing, saur wak Dede. Ach ulah ngece wak lamun isukan abah mancing rek diparabkeun dina lapak nu loba sapatuna nya, he..he..he abah seuri. Bener bah kamari abah milu mancing mawa hoki sanajan meunang sapatu mang Juned oge, ari laukna mah meunang 5 kilo, indukan 2 kilo jeung asalan 3 kilo, lumayan lah dari pada loe manyun, ha..ha..ha..wak dede jeung abah seuserian

Wak, dua dinten kamari Kuningan rada rame ku pemberitaan kasus video asusila homoseksual keur hubungan intim sesama jenis lalaki jeung lalaki, pelaku na warga Desa Ciherang Kecamatam Kadu Gede. Sareng oge kamari budak mahasiswa demo ka DPRD aya nu digebukan ku polisi, tos maca can berita na, taros abah ka wak Dede.

He..he..atos bah, ciri-ciri akhir zaman eta teh bah, LGBT ayena geus teu aneh dimana mana aya, tah eta contoh na geus aya di Desa Ciherang, jeulma kitu teh kaasup na jeulma geuring jiwa bisa mawa wabah, otak na eror alias jeulma rusak ahlak na. Geus ngeunah Allah nyiptakeun manusia lalaki jeung awewe ngarah berpasangan, eh ieu malah beuki ka lalaki deui, ha..ha..ha..abah jeung wak Dede seuserian. Dasar jeulma teu waras eta teh, jiga kaum na Nabi Luth akhir na di ajab ku Alloh beak kabeh, nauzubillahminzalik mudah mudahan Ciherang dijauhkeun tina bencana. Ceuk uing mah jeulma kitu teh kudu dibere sangsi sosial usir bae ti lembur da moal bisa diubaran pan kaum nabi Luth oge dititah tobat teu bisa, nu leuwih bahaya lamun jeulma kitu sok neangan mangsa, bahaya lamun barudak leutik lalaki lembur eta dibujuk dibere duit, dibere ka senangan, teuras dipengaruhi ngarah jadi bogoh reusep ka lalaki, …”atuh cilaka lur”, wak Dede ngajelaskeun eta masalah. “Muhun wak, saurna tos dilaporkeun ka polisi ayena nuju diproses mudah mudahan weh pihak kepolisian bisa nuntaskeun eta perkara”, saur abah nembalan wak Dede.

Perkara demo mahasiswa IMM kamari di gedung dewan kudu na polisi ulah arogan, pan nu demo na oge saeutik naha eta polisi nu ngajaga over kontrol kitu. Mahasiswa biasa na tara anarki lamun demo, kecuali aya nu numpakan ku jeulma nu teu tanggung jawab. DPRD ulah sieun lamun di demo ku mahasiswa, padahal mah atuh tarima sing kaalus, bawa ka jero gedung da gedung dewan teh imah rakyat. Ieu mah mun geus rusuh kakarak diajak ka jero. Masalah oknum polisi anu arogan saena mah Kapolres selaku pimpinan menindak tegas supados citra polisi Kuningan sae dimata masyarkat, “santun dan melindungi”, kitu ceuk kuring mah bah.

Kumaha bah, isukan bade ngiring mancing deui teu, taros wak Dede ka abah. Hayu lah lamun di ajak mah, jawab abah. Wah aya surabi euy, enggal teu ieu wak ?, taros abah. Atuh enggal keneh tadi isuk-isuk pamajikan meuli na, sok bah di raosan, tah aya kopi na oge, kopi Jaga Citra Rasa kamari kuring tos ka galeri kopi di Woodland, saur wak Dede nawaran ka abah.

Bari nga wedang abah naros ka wak Dede,
Abah : KUNAON TUKANG BASO NAKOLAN MANGKOK ?
Wak Dede : ngarah datang nu meuli
Abah : salah
Wak Dede : ngarah gandeng bah
Abah : salah
Wak Dede : geus takluk kuring bah
Abah : NYA KU SENDOK.
Geer …ha..ha..seuserian

Ayena kuring bah nu nanya, ceuk wak Dede,
Wak Dede : NAON SABAB NA SAPI BAU AWAK ?
Abah : nya bau atuh, da ngarana oge sato.
Wak Dede : salah
Abah : sapi mah tara mandi jadi bau
Wak Dede : salah bah
Abah : naon nya..takluk lah
Wak Dede : SABAB KELEK NA OPAT…nya pasti bau pisan da kelek na opat.
Geer deui..ha..ha..ha..

Sok lah gantian, ayena abah deui,
Abah : BISA NAEK TEU BISA TURUN, naon ?
Wak Dede : pasawat ruksak
Abah : mun ruksak mah terjun atuh wak, hayoh naon ?
Wak Dede : jeulma naek tangkal taraje na leungit.
Abah : salah wak
Wak Dede : naon atuh nya, takluk lah
Abah : HAJI…nya naek haji atuh euweh nu turun haji mah.
Ha..ha..ha..geer deui seuserian ngakak.

Teu sadar eta jeulma duan seuserian, padahal aya ambu jeung ceu Ida ningalikeun kalakuan abah jeung wak Dede. “Bah..bah.. ieu aya ambu nyusul, saur ceu Ida.

“Aya naon ambu, meuni nyusul sagala”, taros abah. ” Kuring sieun bah, aya cucunguk di kamar mandi, jadi weh kuring teu jadi mandi, hayu balik bah paehan heula cucunguk na”, penta ambu ka abah. Ha..ha..ha..geer deui kabeh na seuserian

(Carita Persiapan Mancing)


banner 336x280
banner 336x280

Tinggalkan Balasan

error: Content is protected !!