banner 728x250
banner 728x250
banner 728x250

Diajak Mancing

Penulis : Abah Yanyan

Kuningan ba’da Dzuhur cuaca na cerah pisan, awan bodas mapai di langit sakitu endah na, gunung Ciremai teupikeun katempo wujudna. Abah saatos sholat Dzuhur tafakur, Nun Gusti Pangeran abdi puji syukur ka Anjeun anu nyiptakeun alam Kuningan sakitu subur jeung endah na, Nun Gusti Allah nu maha Agung jaga gunung Ciremai ulah teupikin erupsi nu matak mawa bencana ka masyarakat Kuningan, hapunten kalepatan masyarakat Kuningan, abdi rumasa seur dosa, tarima tobat abdi. Abdi sieun ningali azab ti Gusti, cabut sagala bencana nu aya di bumi Indonesia. Abah tafakur bari diuk di korsi tukang luhur balong.

banner 728x250

“Bah nuju naon ulah hulang huleng wae,” taros uwak Dede sobat abah. “Jiah aya uwak Dede, dieu wak calik, abah teh beres marap lauk koi, saur abah. Keur naon sih bah nangadah wae ningali langit, ceuk wak Dede. Lain abah teh keur tafakur ngarasakeun ka besaran Alloh, langit sakitu luas na, hujan dikucurkeun, taneh kuningan sakitu subur na, aya tatangkalan, aya sato, aya alam nu endah, cai nu herang, jadi urang teh kudu loba bersyukur ka Allah, abah caramah ka wak Dede. ” He he sing saha saha jalma nu sok ningali kabesaran Allah jeung sagala ciptaan na pasti jeulma eta ka golong jalma nu bersyukur, eta mah jurus dakwah kuring keur ngobrol kamari di masjid, he..he..he tembal wak Dede bari seuri.

Bah urang mancing yuk, di balong na mang Juned, dari pada ngalamun mending mancing baturan uing, ajak wak Dede ka abah. “Jiah maruk moal deui-deui ngajak mancing abah ceunah lamun jeung abah tara bebenangan”, he..he..he.. tembal abah. Lain kitu bah, lamun mancing jeung abah reusep loba heureuy na, ceuk wak Dede. Hayu lah lamun kitu mah, mawa kopi ulah, taros abah. Mawa atuh bah, biasa kopi na cep Riyan Kopi Anjung Situ Gede nu kamari tos di eksport tea, ceuk wak Dede. Lamun kopi etamah aya mung kopi arabika nu cep Adit Sasadulur Kopi Cibunar mah se’ep, eungke lah abah meuli deui ka woodland, tembal abah.

Dugi di pamancingan wak Dede meunang lapak alus, abah diuk digigir wak Dede. Karek 10 menit jeujer nu wak Dede nyanggut, geuwat eta jeujer ditarik. Beurat euy bah, jiga na lauk gede yeuh, breet pancingan ditarik bari digulung senar na, wah bener bah kancra indukan euy, tenang bah urang tos kenging indukan aman, ceuk wak Dede bari bungah. Lauk geus diangkat geuwat jeujer dibere deui umpan nu anyar trus dialungkeun ka balong.

Wak kamari kuring maca berita aya demo mahasiswa di Pemda jeung di Kejaksaan, isu na ceunah aya korupsi di Pemda Kuningan, demo eta bertepatan sareng Hari Korupsi Dunia, kumaha tah menurut wak Dede, taros abah ka wak Dede. ” he..he..he.. jeulma geus pada lieur maeunya Korupsi diperingati, atuh sarua bae kalakuan korupsi dirayakeun, lamun jiga hari ibu, hari guru eta pantes pan loba jasana ka urang-urang, ieu korupsi aya hari peringatan na atuh bungah weh nu korupsi di rayakeun mah”. Alus na mah aya peringatan “sehari tanpa korupsi” ngarah ereun tah sa poe nu ngarana korupsi, calo-calo nu di pelayanan umum titah euren operasina barang sapoe mah. Urang teh teu sadar budaya korupsi teh ku urang diturutan, sok weh hayang nyieun surat-surat tereh nitah calo beres sa jam, lamun ngurus sorangan ceunah lila, padahal lamun eweh budaya kitu jiga na korupsi moal aya di tempat-tempat pelayanan umum, ceuk wak Dede bari sura seuri. “Edan ditanya sarius jawaban na kitu”, ceuk abah. Ha..ha.. ulah serius teuing bah, bongan nanya na ka urang, uing mah lain ahlina, gak..gak..gak eta abah jeung wak Dede seuserian.

Teu karasa eta kukumbul endut-endutan, wak eta pancing disanggut deui, tarik wak, ceuk abah. Breet pancing ditarik, golepak cai ngaburinyal, pas diangkat jeujeur na teu nyangka meunang sapatu bot gede, waduh ceuk wak Dede, sapatu saha ieu gorowok wak Dede ka sakabeh jeulma nu aya didinya”. Eta jeulma nu marancing seseurian ningali wak Dede meunang sapatu. Teu lila aya nu ngajawab “sapatu kuring wak”, ceuk mang Juned, ti kamari sapatu eta diteangan teupikeun pusing abdi milarianna, geuning bisa aya di jero balong sih wak, taros mang Juned. Gak..gak..gak eta jalma di pamancingan pada seuri. Ah didinya mah lieur mang pan nu boga balong mang Juned naha naros na ka kuring, tembal wak Dede. Geur deui jalma nu mancing pada seuri. Juned..Juned dasar pagawean na sare wae, si horeng teh pamajikan mang Juned nu ngalungkeun eta sapatu ka balong kusabab kamari dititah ngaberesan lapak teu digawean jadi weh pamajikan na ambek, pas mang Juned sare eta sapatu bot dialungkeun ka balong.

“Wak tulungan abdi nya, pang mancingkeun deui sapatu bot kuring nu hiji na supados pas sapasang”, harewos mang Juned ka Wak Dede. “Teangan weh ku sorangan mang”, tembal wak Dede. Gak..gak..gak abah seuri teupi keun mules.


banner 336x280
banner 336x280

Tinggalkan Balasan

error: Content is protected !!