banner 728x250
banner 728x250
banner 728x250
banner 728x250

Dunia Jiga Bola Bekel

Oleh : Abah Yanyan

Zaman kiwari zaman na internet dunia asa leutik, jarak jauh ayena mah bisa jadi deuket. Ceuk jeulma zaman now mah dunia dalam genggaman. Wadau abah asa sieun ngadanguna. Dunia nu sakitu gedena digenggam jiga bola bekel.

banner 728x250

Abah penasaran naon sih dunia dalam genggaman teh, ka saha nya abah nanya na, si abah ngomong sorangan bari gagaro hulu. Abah rek ka warung kopi ach, sugan we aya balad-balad diditu.

Abah kaluar imah make acuk koko hideung, sarung kota-kotak, sanajan abah geus kolot leumpang na masih gagah. “Asa jauh lamun kaditu mah, deuk motong jalan ach kadieu,” ceuk abah dijero hate.

Abus ka gang leutik loba barudak leutik keur pada nyoho hp ngagorombol bari ngahalang jalan. “Punten cep abah ngiring ngalangkung, naha eta budak euweh nu ngadenge asik weh ningali kana hp masing. “Punten nya cep abah bade ngalangkung”.

Ceuk abah sakali deui. Eta barudak euweh nu ngajawab ngan ngagesrer suku na hungkul, ngalieuk mah ngalieuk ngan panon na buru-buru ningali hp deui. Bener-bener eta barudak teu sopan pisan.

Ku abah ditingali terus, barudak keur maen naonnya, wah..wah keur maen game on line, pantesan barudak ayena eweuh paduli na kana lingkungan teu hormat ka jalma kolot da di otak na geus ka pangaruhan game.

Di warung kopi geus loba jeulma, aya oge supir-supir ojol, supir angkot jeung balad-balad abah. “Assalamualaikum” abah ngucap salam. “Waalaikumussalam”, di jawab ku kabeh jeulma nu aya didinya.

“Jang biasa kopi tubruk nya, abah hoyong kopi Silihwangi Ciremai nu ti Linggasana , ulah digula an nya”. “Siap bah”, jawab Ujang. “Alhamdullilah ayena na mah gampang milarian kopi asli Kuningan teh, ayena mah aya di Gerai oleh-oleh kopi Kuningan, 22 produk kopi sakabeh kopi k
Kuningan aya didinya, gerai na di obyek wisata Woodland di Setianegara.

Abah nyuruput kopi katingalina meuni nikmat pisan. “Din, abah bade naros naon maksadna dunia dalam genggaman teh, abah mah teh ngarti.

Udin ngajawab, “kieu bah, ayena mah teknologi geus canggih kabeh kaperluan hirup aya dina HP, eta maksudna dunia dalam genggaman teh.

Ayena mah abah hoyong pendak sareng incu tinggal pencet HP langsung video call bisa ngomong jeung ningali incu abah teu kudu hese-hese ka Bandung.

Abah bade meser sate tinggal buka Hp pesen pake on line, pokona ayena mah serba goib, matak na urang kudu percaya kana goib teh eta maksadna bah, ceuk si Udin bari seseurian.

“Ohh kitu dunia dalam genggaman teh maksadna pagawean bisa dilakukeun tina HP, ceuk abah bari seuri. Pantesan si Rudi tukang ojek nu disaragaman, pernah carita manehna nganter panumpang pas geus neupi eta panumpang ngaloyor bae bari ngomong nuhun nya kang, atuh Rudi culang cileung maklum rudi karak ngojek on line poe eta.

Rudi lumpat nyusul eta panumpang, “pa punten ongkos na mana, udin nanya ka eta jeulma. “Naon kang pan abdi tos mayar”, ceuk panumpang. “Ach abdi teu acan nampi pa, mun nampi mah karasa atuh pa, ceuk si Rudi bari cengar cengir.

“Tos dibayar kang tingali wae di dompet akang sadayana opat puluh rebu dilangkungan lima rebu”. Rudi ngodok pesak ngaluarkeun dompet “teu aya geuning kang,” saur Rudi.

Eta panumpang ngakak seuri “sanes di dompet eta kang, tingali HP buka aplikasi ojek on linie na, tah di didinya aya tulisan dibayar pake oppo pay, tah ieu tos leubet opat puluh rebu, akang nembe nya jadi ojek ol line na?,”Ohh kitu, artos ayena mah jiga goib nya pa, teu aya wujud na jol aya weh di rekening”, ceuk Rudi bari eraeun.

“Tah atosnya kang eungke akang kantun naroskeun wae kumaha cara nyandak na ka operator perusuhaan akang, nuhun nya kang, Assalamualaikum”. Wa’alaikumussalam saur Rudi.

Rudi can oge ngarti, ngan era bade naros deui teh. Rudi nyetater mobil na, sajajalan Rudi mikir bener teu eta penumpang geus mayar, boa-boa nipu urang.

Rudi…Rudi Zaman ayena mah ulah Gaptek atuh…!!


banner 336x280
banner 336x280
banner 336x280

Tinggalkan Balasan

error: Content is protected !!